Posts

Showing posts with the label rukun

Kitab Safinah (fiqih)

Image
Kalawan Asmaning Allah Numaha Welas Tur Numaha Agung Ari sadaya puji eta tetep kagungan Allah anu mangeranan sakabeh alam, sareng ka Allah hungkul nyuhunkeun pitulung abdi sadaya kana pirang-pirang perkara dunia sareng perkara agama, sareng muga-muga maparinan Rohmat Allah ka dunungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW anu jadi panungtungan sadaya nabi sareng ka keluargana kanjeng Nabi sadayana, sareng teu aya daya upaya sareng teuaya kakuatan anging kalayan pitulung Allah anu maha luhur tur maha agung Gusti Allah. Pasal Rukun Islam aya 5: Syahadat, saenyana tingkah sareng kalakuan eta teuaya pangeran anu wajib diibadahan anging Gusti Allah, sareng saenya-enyana kanjeng Nabi Muhammad SAW eta utusan Allah Ngadegkeun Sholat Ngaluarkeun Zakat Puasa di Bulan Romadon Mungahaji ka Baitullah, kanu kawasa di perjalanan. Pasal Rukun Iman aya 6: Iman ka Allah Iman ka Malaikat Allah Iman ka Kitabna Allah Iman ka Rosul Allah Iman ka Poe Akhir Iman kana Qodo jeung Qodar (Alusna jeung Gorengna Qodar ti ...