Kitab Safinah (fiqih)


Kalawan Asmaning Allah Numaha Welas Tur Numaha Agung

Ari sadaya puji eta tetep kagungan Allah anu mangeranan sakabeh alam, sareng ka Allah hungkul nyuhunkeun pitulung abdi sadaya kana pirang-pirang perkara dunia sareng perkara agama, sareng muga-muga maparinan Rohmat Allah ka dunungan urang sadaya Nabi Muhammad SAW anu jadi panungtungan sadaya nabi sareng ka keluargana kanjeng Nabi sadayana, sareng teu aya daya upaya sareng teuaya kakuatan anging kalayan pitulung Allah anu maha luhur tur maha agung Gusti Allah.

Pasal Rukun Islam aya 5:

  1. Syahadat, saenyana tingkah sareng kalakuan eta teuaya pangeran anu wajib diibadahan anging Gusti Allah, sareng saenya-enyana kanjeng Nabi Muhammad SAW eta utusan Allah
  2. Ngadegkeun Sholat
  3. Ngaluarkeun Zakat
  4. Puasa di Bulan Romadon
  5. Mungahaji ka Baitullah, kanu kawasa di perjalanan.

Pasal Rukun Iman aya 6:

  1. Iman ka Allah
  2. Iman ka Malaikat Allah
  3. Iman ka Kitabna Allah
  4. Iman ka Rosul Allah
  5. Iman ka Poe Akhir
  6. Iman kana Qodo jeung Qodar (Alusna jeung Gorengna Qodar ti Gusti Allah)
Pasal Ma'na Laillaha Illallah
Teuaya deui pangeran anu wajib diibadahan kalawan hak dina ayana anging Gusti Allah

Pasal Cirina Baleg aya 3:

  1. Sampurna umur 15 tahun dilalaki jeung di awewe
  2. Bijil mani atawa ngimpi jima dilalaki jeung diawewe karana umur 9 tahun
  3. Haid diawewe hungkul karana umur 9 tahun

Pasal Syarat Susuci Ku Batu aya 8:

  1. Kudu aya susuci ku tilu pirang-pirang batu
  2. Kudu nepi kaberesih tempatna najis
  3. Ulah kaburu garing najisna
  4. Ulah pindah najisna
  5. Ulah kadatangan kana eta najis ku najis sejen
  6. Ulah ngaliwat eta najis kana bobokong jeng dakarna eta jalma
  7. Ulah keuna kana eta najis ku cai
  8. Kudu aya pirang-pirang batuna anu suci

Pasal Parduna Wudhu aya 6:

  1. Niat
  2. Ngumbah beungeut
  3. Ngumbah dua panangan sarta dua sikuna
  4. Ngusap hiji perkara tina sirah (buuk)
  5. Ngumbah dua suku sarta dua mumuncangana
  6. Tartib

Pasal Ngaran Niat

Ngaran niat eta neja hiji perkara bari dibareungan migawena eta niat, tempatna niat dina hate, ngucapkeun niat eta sunat. Waktuna niat eta tetep dina nalika ngumbah pangheula-heulana juz tina beungeut.  Ari tartib eta yen ulah ngaheulakeun si jalma kana anggahota anu baris paneuri.

Pasal Cai:

  1. Aya cai saeutik, eta cai anu kurang tina dua kulah. Cai saeutik bisa jadi najis dimana kanajisan eta cai ku najis saeutik sanajan teu robah eta cai. Tina rupa, rasa jeung ambeuna.
  2. Aya cai loba, eta cai anu leuwih tina dua kulah tuluy leuwih loba. Cai loba eta teu jadi najis eta cai sok sanajan kakeunaan najis kecuali kakeunaan najis heg robah eta cai tina rupa, rasa jeung ambeuna. 

Pasal Nungawajibkeun kana Adus aya 6:

  1. Ngasupkeun hasapah kana parji
  2. Kaluar cai mani
  3. Haid
  4. Nipas
  5. Ngajuru
  6. Maot

Pasal Parduna Adus aya 2:

  1. Niat
  2. Ngaratakeun Cai kana awak

Pasal Syaratna Wudhu aya 10:

  1. Islam
  2. Hideng
  3. Beresih tina haid jeung 
  4. Beresih tina nipas jeung tina percaka anu matak nyegah datangna cai kana kulit
  5. Ulah aya anggahota wudhu perkara anu matak ngarobah kana cai
  6. Nyaho kana kaparduan wudhu
  7. Ulah nekadkeun si jalma kana pardu whudu kana jadi sunat
  8. Caina anu suci tur nyucikeun
  9. Asup waktu
  10. Tuluy-tuluy pikeun jalma anu boga hadas

Pasal Perkara nungabatalkeun kana wudhu aya 4:

  1. Aya nu kaluar tina Qubul jeung Dubur (Angin tawa nusejena) kecuali cai mani
  2. Ilang akal kusabab sare tawa kunu sejena kecuali sarena anu calik bari diuk teu cengkat tina bumi
  3. Paantelna kulit dua kulit jeung awewe anu gede duanana, anu lain muhrim duanana, tur teu aya hahalang
  4. Ngusap Qubul atawa nyabak Dubur anak adam ku dampal leungeun atawa ku dampal ramo

Pasal Batal Wudhu Haram kana 4 Perkara:

  1. Shola
  2. Towaf
  3. Nyekel Al-Qur'an
  4. Mawa Al-Qur'an

Pasal Haram ka Jalma Nu Boga Junub/Hadas Gede (Haid, Nifas, Jima) kana 6 perkara:

  1. Shalat
  2. Towaf
  3. Nyabak Al-Qur'an
  4. Mawa Al-Qur'an
  5. Cicing di Jero Masjid
  6. Maca Al-Qur'an

Pasal Haram ka Jamla Nu Boga Haid 10 Perkara:

  1. Shalat
  2. Towaf
  3. Nyabak Al-Qur'an
  4. Mawa Al-Qur'an
  5. Cicing di Jero Masjid
  6. Maca Al-Qur'an
  7. Puasa
  8. Tolaq
  9. Ngaliwat di jero Masjid (mun sieun murat-maret getih haid)
  10. Dijima (antara bujal jeung tuur)

Pasal Sababna Tayamum aya 3:

  1. Euweuh Cai
  2. Gering
  3. Butuh kana Cai karena halabhabna hayawan lain anu di haramkeun eta hayawan

Pasal Hayawan anu teu dimulyakeun atawa anu di haramkeun ku syara aya 6:

  1. Jalma anu ninggalkeun Sholat
  2. Anu Zina muhsoh
  3. Murtad
  4. Kafir Musuh
  5. Anjing Galak
  6. Bagong

Pasal Syaratna Tayamum aya 10:

  1. Kutaneuh
  2. Taneuh anu suci meunang ngagali minimal 30 cm ti permukaan taneuh
  3. Ulah taneuh musta'mal anu kakeunaan najis
  4. Ulah nyampuran kana taneuh ku tipung jeung liana tipung
  5. Kudu ngamaksud kana tayamum
  6. Kudu ngusap kana wajah jeung jeung leungeuna jalma kalawan dua usapan
  7. Kudu miceun kana najis dina mimitina
  8. Kudu hati-hati dina nyanghareup ka kiblat dina samemehna tayamum
  9. Kudu aya tayamum dina saba'da asup waktu sholat
  10. Kudu tayamum itu jalma pikeun saban-saban fardu (sa sholat sa tayamum)

Pasal Farduna Tayamum aya 5:

  1. Mindahkeun taneuh (tempelkeun heula kana dampal leungeun)
  2. Niat
  3. Ngusap beungeut
  4. Ngusap dua leungeun nepika dua sikuna
  5. Tartib diantara dua usapan

Pasal Perkara anu ngabatalkeun tayamum aya 3:

  1. Sakabeh perkara nu ngabatalkeun kana Wudhu
  2. Murtad
  3. Nyangkana aya cai

Pasal Perkara anu jadi suci tina najis aya 3:

  1. Arak dimana-mana jadi cuka eta arak tanpa dicampuran naon-naon
  2. Kulit bangke dimana-mana disamak eta kulit bangke (dipoe tepi ka garing)
  3. Perkara anu jadi tina hayawan (bilatung tina bangke)

Pasal Najis aya 3:

  1. Mugholadoh (anjing, bagong jeung anakna)
  2. Mukhofafah (cikiihna budak lalaki nu can barang dahar salianti ci susu nu umurna can 2 tahun)
  3. Mutawasitoh (cikiihna budak awewe, najis-najis salianti mugoladoh jeung mukhofafah)

Pasal Ngaberesihkeun najis mugholadoh:

  1. Leungitkeun rupana eta najisna
  2. Diberesihan 7 kali balikan salah sahijina make leutak (taneuh suci)

Pasal Ngaleungitekun najis mukhofafah:

  1. Leungitkeun heula rupana najis
  2. Dibanyur ku cai 

Pasal bagian ngaberesihkeun najis mutawasitoh:

  1. Najis Aeniah (rupa, rasa, ambeu) di leungitkeun Aena najis
  2. Najis Hukmiah (teu aya rupa, teu aya rasa, teu aya ambeu) cukup dibanyur ku cai

Pasal Haid

  1. Saeutikna Haid sapoe sareng sapeuting
  2. Galibna Haid eta 6 atawa 7 poe atawa tujuh poe
  3. Lobana Haid 15 Poe sarta peutingna nu 15 poe
  4. Saeutikna waktu suci antara dua haid eta 15 poe
  5. Golibna waktu suci eta 24 poe atawa 23 poe
  6. Seueurna waktu suci Teu aya watesna jaman suci
  7. Saeutikna Nipas eta sagejrotan
  8. Galibna Nipas 40 poe
  9. Lobana Nipas 60 poe

Pasal Udzurna Sholat aya 2:

  1. Sare
  2. Poho

Pasal Syaratna Sholat aya 8:

  1. Suci tina 2 hadas
  2. Suci tina najis (Pakaian, badan jeung tempat)
  3. Nutup orat
  4. Nyanghareup ka kiblat
  5. Asup waktu
  6. Nyaho kana fardu Sholat
  7. Ulah nekadkeun kana fardu sholat ditekedkeun sunat
  8. Ngajauhan tina pirang-pirang nungabatalkeun kana sholat

Pasal Hadas:

  1. Hadas leutik, (Ngawajibkeun wudhu)
  2. Hadas gede (Ngawajibkeun adus)

Pasal Aurat:

  1. Auratna lalaki mutlak 
  2. Aurat awe-awe amat (Antara bujal jeung tuur dina waktu sholat)
  3. Aurat awe-awe merdeka (sababeh perkara tina awakna kecuali dua dampal leungeun)
  4. Aurat awe-awe merdeka jeung amat (sakabeh badan digigireun lalaki lain muhrim)
  5. Aurat awe-awe merdeka jeung amat (dihareupuen muhrim nyaeta antara bujal jeung tuur)

Pasal Rukun Sholat aya 17:

  1. Niat
  2. Takbirotul Ihrom
  3. Nangkung pikeun jalma nu kawasan (dina sholat fardu)
  4. Maca Patihah
  5. Ruku
  6. Tumaninah dina ruku
  7. I'tidal
  8. Tumaninah dina I'tidal
  9. Sujud 2 kali
  10. Tumaninah dina sujud
  11. Diuk diantara dua sujud
  12. Tumaninah dina diuk antara dua sujud
  13. Tahiat Akhir
  14. Diuk dina tahiyat akhir
  15. Maca sholawat ka Kanjeng Nabi Muhammad SAW
  16. Salam
  17. Tartib

Pasal Niat:

  1. Niat 3 darajat dina sholat fardu (wajib neja migawe, nangtukeunwaktu, neyebutkeun niat)
  2. Niat sholat sunat nudiwaktu-waktu (rowatib, samagaha, istihoroh, menta hujan, jeung sejena) wajib nejamigawe jeung nangtukeun waktu
  3. Niat sholat sunat anu dimutlakeun (wajib nejamigawe hungkul)

Pasal Syarat takbirotul ikhrom aya 16:

  1. Tumiba nalika nangtung dina sholat fardu
  2. Ku bahasa arab
  3. Ku lafad Alloh jeung Akbar
  4. Tartib antara dua lafad
  5. Ulah manjangkeun "hamzah" lafad Alloh
  6. Ulah manjangkeun "ba" lafad Akbar
  7. Ulah nasdidan kana "ba" lafad Akbar
  8. Ulah nambahan kana wau nu teu diharkatan tawa diharkatan kana dua lafad
  9. Ulah nambahan kana wau dina samemehna lafad Alloh
  10. Ulah eureun dina kalimat takbir kalawan eureun nu lila tawa sakeudeung
  11. Kudu kadenge ku ceuli sakabeh huruf takbir
  12. Kudu Asup waktu sholat dina sholat nu diwaktu-waktu
  13. Takbir bari madep ka kiblat
  14. Ulah nyacadkeun si jalma kana satengahna huruf takbirotul ihrom
  15. Miheulakeun takbir imam
  16. Mandeurikeun takbir makmum 

Pasal Syaratna Fatihah aya 10:

  1. Tartib
  2. Tuluy-tuluy
  3. Ngaraksa kana huruf fatihah
  4. Ngaraksa kana tasdidna fatihah
  5. Ulah Eureun lila jeung Ulah Eureun sakeudeung anu ngamaksud eureun kana eureun eta megatkeun bacaan
  6. Maca sakabeh ayat fatihah kaasup bismillah
  7. Ulah cacadelan sijalma nu matak ngaruksak kana makna
  8. Macana kudu nangtung dina sholat fardu
  9. Nngadenge si jalma kana fatihah ku sorangan 
  10. Ulah nyela-nyela ku dikir anu sejen

Pasal Tasdidna Fatihah aya 14:

  1. Lafad Bismillahi saluhureun Lam
  2. Lafad Arrohmani saluhureun Ro
  3. Lafa Arrohimi saluhureun Ro
  4. Lafa Alhamdulillah saluhureun Lam
  5. Lafad Robbilalamina saluhureun Ba
  6. Lafad Arrohmani saluhureun Ro
  7. Lafad Arrohimi saluhureun Ro
  8. Lafad Malikiyaumiddin saluhureun Dal
  9. Lafad Iyyakanabudu saluhureun Ya
  10. Waiyyakanastainu saluruhureun Ya
  11. Ihdinassirotol musataqim saluhureun Shod
  12. Shirotolladiina saluhureun Lam
  13. Anamtaalaihim goirilmagduu bialaihim waladdhooliin saluhureun Dho
  14. Jeung saluhureun Lam dina waladdholliin






Comments

Popular Posts

Perubahan Sosial Budaya

Kondisi Alam Negara-negara di Dunia